Sabtu, 12 Juli 2014

MC Akad Nikah (Bahasa Sunda) Doc.Apip M



PEMBAWA ACARA RESEPSI PERNIKAHAN BAHASA SUNDA
Bapak-bapak ibu-ibu sadayana
Sakumaha ka uninga ku sadayana Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan
Parantos sumping  ngeungkeuy ngabandaleut ngemat-ngemat nyatang pinang.
Bismilah purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara .
Babasan padika pagawean, lamun nangtung ka jungjunan sing lulus bantun jeng tumbu buah serehna neda panyaksen acara bade dikawitan

Mapag calon panganten
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.
Jagong tuhur menang ngunun, haturan wilujeng sumping,
Disugeng ing pucu galuh cimeled kalurahan sukanagara ka telahna.
Tempat anyar pang harepan sarakan keur kahirupan ker kulwargi.
Calon panganten istri bisi si jalu hanyelu, si lanag honceewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan.

Pangalungan mangle
Tawis panampian Tatamu, Tanda kameumeut ka deudeuh, Tawis asih ti kakasih, Tanda tresna ka nyaah, Tawis ka rungrum hate perseka ka bersihan manah, Mangga geura kalungken eta mangle.
 ( mangle di kalungkeun)
Haturan wilujeung sumping, ka calon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma sumangga geura gek calik

Seserahan
BISMILAH…….
Para hadirin para tatamu sadayana khususuna ka calon panganten sareng rombongan,
Bawi raos emutan pribados, pamali mun di lamai-lami, teu kedah di lila-lila. Nu di anti-anti titatadi, di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak, sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging kango nyumponan tindak tanduk, tata titi duduga peryoga, manusa pangeusi alam dunya, anu parantos dipaparin manah, rasa, sareng lisan tina sairing dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, naming kedah di sarengan ku ucap, teu sae miulan awi mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, naming kedah di bejer beaskeun kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tamu sadayana,
Acara urang kawitan ku lantunan kalam  ilahi anu bade di lantunken ku ………..

Ngahaturkeun nuhun ka ……………….anu parantos ngumandangkeun  kalam…….
 Calon panganten miwah rombongan,
 Mugi teu janten kekeling galih, rengatna manah. Aya naon nya pamksadan? numawi jauh-jauh di jug-jug, Anggang-anggang di teang, sumangga geura wakcakeun masing balaka, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturan ka payun kango ngadugiken lebet ning kalbu jeroning manah.

Panampian
Para wargi sadayana,
Nembe parantos sami-sami nyakseni, gerentes kalbu kasepuhan ti calon panganten sareng rombongan,  lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad seja ngaitken janji pasini, manjangkan simpai babarayaan, sakotretna tina hate, sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna, nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakan nana, Sim kuring mung saukur derma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten istri, waktos sumangga di haturkeun……
Para wargi sadayana, Bingah kagiri-giri, Bingah nu teu aya papadana. Nugar cadas manggih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas, jalan gede sasapuan, batu turun keusik naek itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan. Kumargi kiti hiyap ka calon panganten sareng cacandakannana. Mangga cacandakannana hiji di dugikeun secara simbolis ku ibu calon panganten pameget nu di tampi ku ibu calon panganten istri…. Nu sanes mah di antaykeun bae. (mangga ka calon panganten pameget di candak ka lebet heula kangge di dangdosan)

Akad Nikah
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya, Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana, uga pakaitna tatali asih neng…….ka cep……. Janji urang pastikeun, subaya urang nyatakeun, nu di seja mang nyata panyakseni ti sadayana, upacara akad pernikahan seja di kawitan ( mangga candak caon panganten dua nana kaluar) Sumangga ka bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad nikahna neng………..ka cep…………….
Alhamdulillah wasyukru ‘ala ni’amillahkalawan ridho gusti anu maha welas tur maha asihoge pang du’a ti sadayana, akad nikahna neng…………ka cep………parantos rengse kalayan aya dina kalancaran.